Naskah Drama Sunda 6 orang
-NASKAH ASLI- “EUCEU REMPONG NEWAK MALING” KELOMPOK 3 Lalakon/Pamaen : Ceu Eni Ceu Mamar Ceu Siti Ceu Yati Ibu RT Mang Rohman/Maling Di hiji kampung, aya 4 ibu-ibu anu kacida riweuh jeung rempong. Namina nyaeta Ceu Mamar, Ceu Siti, Ceu Eni, Jeung Ceu Yati. Hiji mangsa, imahna Ceu Mamar teh kamalingan, tuluy waktu di warung na Mang Rohman manehna riweuh mere nyaho ka balad-baladna tea. Ceu Mamar : Hey.. euceu-euceu… geuwat.. geuwat kadieu.. aya Maling.. peuting di imah abdi aya Maling… (riweuh mere nyaho bari ngabenerkeun tiungna) Ceu Siti : Naon?? Galing? Rambut euceu galling lain? Ceu Mamar : Naa… ari Ceu Siti, MALING ceu… MALING…, lain GALING..!! Ceu Siti : Hah?? Beling? Kade atuh bisi katincak (bari seri) Ceu Mamar : Ahh… teuing ah.. KUMAHA ANJEUN!! Mang Rohman : Aya naon.. dadanguan teh aya UCING? Kunaon ucing na? katabrak lain? (pipilueun Ceu Mamar jeung Ceu Siti) Ceu Mamar : Euuhh… iyeu deuih nu hij