Naskah Drama Sunda 6 orang



-NASKAH ASLI-

“EUCEU REMPONG NEWAK MALING”
KELOMPOK 3
Lalakon/Pamaen :
Ceu Eni
Ceu Mamar
Ceu Siti
Ceu Yati
Ibu RT
Mang Rohman/Maling

            Di hiji kampung, aya 4 ibu-ibu anu kacida riweuh jeung rempong. Namina nyaeta Ceu Mamar, Ceu Siti, Ceu Eni, Jeung Ceu Yati. Hiji mangsa, imahna Ceu Mamar teh kamalingan, tuluy waktu di warung na Mang Rohman manehna riweuh mere nyaho ka balad-baladna tea.
Ceu Mamar  : Hey.. euceu-euceu… geuwat.. geuwat kadieu.. aya Maling.. peuting di imah abdi aya Maling… (riweuh mere nyaho bari ngabenerkeun tiungna)
Ceu Siti       : Naon?? Galing? Rambut euceu galling lain?
Ceu Mamar  : Naa… ari Ceu Siti, MALING ceu… MALING…, lain GALING..!!
Ceu Siti       : Hah?? Beling? Kade atuh bisi katincak (bari seri)
Ceu Mamar  : Ahh… teuing ah.. KUMAHA ANJEUN!!
Mang Rohman        : Aya naon.. dadanguan teh aya UCING? Kunaon ucing na? katabrak lain? (pipilueun Ceu Mamar jeung Ceu Siti)
Ceu Mamar  : Euuhh… iyeu deuih nu hiji… AYA MALING Rohman… lain UCING…
Ceu Siti       : HAH?? MALING? Mana malingna, mana?????
Ceu Mamar  : Alhamdulillah, conect oge geningan...
Mang Rohman        : Ihh.. ari Ceu Mamar, ongkoh tadi teh aya UCING cenah, naha ayeuna bet kana paramek?? Sugan ucingna rieut nya? (bari ngahuleng)
Ceu Mamar  : Astagfirullahal'adim CUKUUPP!!!! (nepak tarang) ahh.. kieu poko namah… dangukeunnya ku Cepil, tadi peuting teh aya maling ka imah kuring…
Ceu Siti       : Uwah… Nu benerr?? Ci Us Miapa?
Mang Rohman        : Miii… Mii… MiiiiiiYamiin…
Ceu Yati      : Naon euceu-euceu.. meni rariweuh . ngobrolkeun naon atuh.. (nyamperkeun anu keur ngawangkong di warung na Mang Rohman)
Ceu Mamar  : Kieu Ceu Yati, peuting tadi aya maling ka imah abdi. Aneh nateh, lain maling tipi jeung kulkas, manehna kalahkah maling barang-barang anu meunang meuli di dieu
Ceu Yati      : Uwah, nahanya .. aneh maling teh..
Ceu Siti       : Heeuh nya aneh… malingna belet sugan.
Mang Rohman        : Sugan… eta maling teh hayang balanja kadieu.. ngan teu bogaeun duit.
Ceu Mamar  : Heeuh sugan Maling na boke.. (bari seri)
          Teu lila datang Ceu Eni nyamperkeun bari ngabenerkeun samping na.
Ceu Eni       : Ibu-Ibu…. Euceu-Euceu,, aya naon Iyeu Teh?? Menii,, Rariweuh asa nateh..
Kang Rohman         : Aya maling ceu..  maling…
Ceu Eni       : Kela, kela.. Dimana aya malingna, Naon anu di paokna, Iraha aya malingna, Ka imah saha, jam sabaraha,…… (nereleng)
Ceu Mamar  : KEHEULA ATUH CEUU.. Nanya na lalaunan… teu ka hatrosss..!!
Ceu Eni       : Hehehe (nyengeh) kieu atuh… Maling na ka imah saha? Sok mangga jelaskeun sing parele...
Ceu Mamar  :Pan kieu, poe kamari, abdi teh meser sandal ti warung na mang Rohman, isukna kamari teh langsung dipake ka pangaosan. Na ari isuk tadi, di tinggali teh geus eweuh deui coba. Pantesan, peuting tadi teh, asal aya nu tak tek tok gandeng di buruan imah. Puguh ge di paok suganan.
Ceu Siti       : Ah.. kieu we atuh ayeuna mah. Hayu urang laporkeun ka Ibu RT..
Sadayana      : Hayuuu…!!!!
          Ceu Siti, Ceu Mamar, Ceu Eni, jeung Ceu Yati tuluy indit ka imah Bu RT. Geus di imah ibu RT, maranehna ngalaporkeun kumaha caritana.
Ibu RT         : Euleuh-euleuh … karunya teuing atuhh……
Ceu Siti       : Bener bu RT… Watir dech ahh…!!!
Ceu Mamar  : Dih.. Ceu Siti mah water-watir teuingan… Bu RT, Bu RT… mm kumaha atuh nya sangkan urang bisa newak eta maling..
Ibu RT         : Emmm.. tah ayeuna urang teangan Solusi na..
Ceu Yati      : Naon? Tarasi? Tarasi mah ngenah nage di jieun samel… sena lada wehh.. MANTEP… (bari kutap-ketap)
Ceu Eni       : Euhh… kumaha iyeu teh ceu Yati mah.. batur ngomong Solusi, jadi kana Tarasi.. Cape dech..!!!
          Maranehna tuluy mikir neangan solusi. Teu kungsi lila………
Ceu Siti       : Aha..!!! (bari ngacung)
Ceu Mamar  : Naon-naon,, Kumaha???             
Ceu Siti       : Ah teuing…
Ceu Eni       : Euhh… sugan teh boga solusina..
Ibu RT         : Emm…(bulak-balik payuneun euceu rempong) kieu we atuh, kumaha lamun urang masang perangkap..
Ceu Siti       : Maksud YOU??
Ibu RT         : Pan kieu, ke peuting, ceu Mamar nyiapkeun barang anu alus. Tah, ke teh pan bakal datang si maling teh, urang tewak weh malingna babarengan.
Ceu Eni       : Tah… bener.. berarti, ke peuting, arurang kumpul di imahna ceu Mamar.
Ceu Siti       : Hayu lah, asal…. Ayakeun kueh we, susu dancow anu rasa chocolate weh.. mantep.. (kutap-ketap)
Ceu Mamar  : Hegaelah… siap ari kueh mah.. apanan Orang Kaya.. (nyengeh) tempo atuh orang kaya mah kacamata na oge di luhur. Pan meh jiga bule anu di panta-I geningan.. hehehe
Ibu RT         : Eh, tapi.. punteun nya euceu-euceu.. abdi mah moal tiasa ngabantosan newak malingna. Kumargi.. abdi bade aya rapat ti kantor desa. Tah, upami malingna tos beunang, candak bae langsung kadieu.
Ceu Yati      : Siaaappp..!!!
          Euceu-euceu rempong teh tuluy baralik ka imah na sewang-sewangan. Ceu Mamar oge buru-buru nyiapkeun barang jang mancing si maling tea.
          Wanci Peuting, Euceu-euceu rempong tos siap angkat ka imahna Ceu Mamar. Ti jam 8 peuting, maranehna tos kumpul bari ngarumpi. Tos 4 jam maranehna nungguan Maling. Euceu-euceu rempong geus baroseneun. Pangpangna Ceu Yati anu pangpayuna nundutan mah.
Ceu Yati      : Aduhh… hayang ka cai euy… ceu Siti, anter yu.. (bari tunduh keneh)
Ceu Siti       : Euh.. iyeu nu nundutan, wayah kieu wari hayang ka cai. Hayu atuh geuwat..
          Tuluy Ceu Yati jeung Ceu Siti indit ka pancuran anu aya di gigir imahna Ceu Mamar. Pas Di luar, Ceu Siti ninggali aya jelema keur kokorotak di tukang imah na Ceu Mamar.
Ceu Siti       : Ceu, Ceu.. tinggali, itu saha nya di tukang…… (ngaharewos)
Ceu Yati      : Mana tukang ngagali?? Teu aya oge,
Ceu Siti       : Euh… lain tukang ngagali.. tinggali tuh aya JELEMA. Hayu ah urang goroan Ceu Mamar jeung Ceu Eni na. (bari lumpat ka jero imah)
          Ceu Siti jeung Ceu Yati heunteu jadi ka cai na. Maranehna tuluy ngagoroan ceu Mamar jeung Ceu Eni lalaunan.
Ceu Siti       : Hey… Ceu, tuh aya jelema di tukang imah. Tinggali buru..
Ceu Mamar  : Uwah… mana? Bateuing maling tea…
Ceu Eni       : Hayu atuh! Urang tewak, tapi lalaunan,,
          Euceu-euceu rempong tuluy nyamperkeun jelema anu aya di tukang imah lalaunan. Ari pekteh bener, jelema eta teh keur kurah-koreh jeung luak-lieuk neangan barang jang di paok.
Maling         : Euh… mananya cakcak teh. Sugan we aya anu gede ti anu kamari. (bari luak-lieuk) Tuh gening, cak-cak teh.. sugan we beunang.. panan jang si Jalu.. (ngalieuk kana deket anduk nu ngagantung )
          Wanci si Maling rek mawa anduk nu ngagantung, Euceu-euceu riweuh datang tuluy newak maling eta.
Ceu Mamar  : Hayoh Maling.. rek mawa naon di dieu..
Maling         : Euh.. heunteu.. da abdi mah keur neangan cakcak tuh na para.
Ceu Eni       : Naha atuh… neangan cakcak wayah kieu wari.. naha heunteu tatadi ba’da isa..
Maling         : Hehe.. (nyengeh) apaaaannaaann………
Ceu Siti       : Ah… apanan-apanan teuingan…geuwat, urang bawa ka Ibu RT..
Maling         : Eh… abdi mah lain maling euceu… abdi mah..
Ceu Yati      : Tukang Puak-Paok.. (motong omongan maling)
          Euceu-euceu rempong tuluy mawa eta maling ka Imah na Ibu RT.
Ceu Siti       : Assalamu’alaikum… Spadaa…
Ceu Eni       : Assalamu’alaikum.. Ibu… Ibu RT.. iyeu malingna tos beunang buu..
Ibu RT         : Wa’alaikum Salam… euleuh… maling tea iyeu teh.. coba buka kuplukna.. saha eta maling teh coba…
          Wanci kupluk na di buka, maling teh padahal mah Mang Rohman. Isukna Mang Rohman teh ditilik jeung dibere sababaraha patanyaan, hasilna teu aya pisan bukti anu nunjukkeun yen mang Rohman teh anu geus maok barang-barang na Ceu Mamar.
          Teu kahaja Ceu Siti ninggali sandal anu di pake ku Ceu Yati.
Ceu Siti       : keheula-keheula… ari sandal itu teh asa sarua jeung sendalna ceu Mamar nya…
Ceu Yati      : Ehh… lain euy.. iyeu mah pan meunang meuli ti Mang Rohman kamari
Mang Rohman        : Ah.. da ceu Yati mah tara meuli.. sok tara jadi oge..
Ceu Mamar  : mana… (bari ngalieuk kana sandal nu dipake Ceu Yati) ehh… heeuh nya asa sarua..
Ibu RT         : bener sarua? Nomerna sabaraha? Cirina aya naonan?
Ceu Mamar  : nomer 8 ½. Dihandapna aya hurup M meunang nyirian ku peso.
Ceu Eni       : Mana coba buka Ceu Yati..
Ceu Yati      : Ihh… da lain iyeu mah nu abdi..
Mang Rohman        : Ah, alesan.. geuwat buka..
          Tuluy sandal anu dipake Ceu Yati dibuka jeung di tinggali ku Ceu Mamar.
Ceu Mamar  : ihh.. bener sarua, nomer 8 ½ dihandapna aya hurup M, tuh.. tinggali, (bari ninggalikeun sandal na)
Ceu Eni       : Euleuh-euleuh.. Ten nyangka ceu Yati teh kitu..
Ceu Siti       ; Emh..emh.. emh.. Berkhianat dikau… SUNGGUH TERLALU!!
Ceu Yati      ; Atu daa… atuudaa (bari a-a eu-eu)
Mang Rohman        : tuh… nya abdi mah lain tukang maok… euhh. Gampang nuduh da eta teh..
Ceu Mamar  : hehe (seri) hampura atuh mang.. da amang Rohman mah wajah jeung kelakuanna mencurigakan… hehehe (nyengeh)
Ibu RT         : Tah.. ayeunamah pan tos kabuktikeun yeun maling teh ceu Yati lain Mang Rohman. Ayeuna Euceu-euceu anu tadi salah nuduh sok mangga nyuhunkeun hampura ka mang rohman. Ayeuna ceu yati bade diproses leuwih lanjut.
Ceu Siti       : nya sae upami kitu mah. Hatur nuhun Ibu Rt..
Ibu RT         ; Nya, sami-sami. Kasadayana, abdi tipayun nya.. (bar indit ka imah na tuluy nganterkeun ceu Yati ka Kantor Polisi)
Ceu Eni       : Euh.. Mang Rohman, abdi nyuhunkeun dihapunteun nya..
Mang Rohman        : Nya, tong sakali-kali deui nya…
Ceu Siti       : Heeuh Mang, abdi oge.. nyuhunkeun dihapunten… ngan tong di anggap heureuy we nu tadi mah… *ehhh…
Mang Rohman        : Nya, sing sering deui we nya… (bari seuri)
          Ceu Siti, Ceu Mamar, ceu Eni, jeung Mang Rohman tuluy balik ka imah na sewang-sewangan.
--------TAMAT--------

Komentar

Posting Komentar

Postingan populer dari blog ini

MAKALAH SISTEM INFORMASI

Makalah Pentingnya Menuntut Ilmu